Kamis, 14 Mei 2015

4PUISI SUNDA

CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA
oleh:jumani

Rundayan carita mangsa harita
masih natra dina rasa
tatali asih nu mengkeut pageuh
nepi ka kiwari tetep euntreup
kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray
najan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogot
najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih
jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang
kasatiaan modal utama
ulah nepi ka dirogahala
ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana
lain dihias kureuncemna emas
kabagjaan pasti nyaangan urang
mun iman jeung takwa jadi sareat urang
dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna
urang jaga ulah nepi ka sirna
sangkan urang tetep waluya
nepi ka pantona sorga..

Amin....
URANG JEUNG WAYANG
oleh:jumani

Kiwari lain kamari tapi ayeuna
Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
naratas jalan sangkan lolongkrang,
teu katutupan jalan

Lumampah di alam dunya
ceunah darma wawayangan
usik malik diobah ku dalang

Tapi urang lain wayang
sabab wayang moal boga kahayang,
da wayang mangrupa barang

Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang
hayang tandang, pakan jeung sandang
sabab urang boga akal jeung pikiran
lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang

Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati
tuluy jadi hoream ngahontal kahayang
gagal lain hartina lengiteun akal
tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
rurungkan nu ngahalangan jalan

Sing percaya kana diri
nu dianti pasti ngawujud bukti
asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci

Urang beda jeung wayang
lantaran urang boga akal jeung pikiran
wayang ngan ukur parabot dalang
nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan
KASATIAAN ANJEUN
oleh:jumani

Dua puluh taun urang ngawangun
juntrung nangtung, panceg teu gedag
sagara rumah tangga nu ku urang di sorang
teu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang

Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantaran
kabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayana
kasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akang
mun rek nganjang ka mojang lian

Geulis...
pupusten rasa nu ayeuna aya
sangkan rumah tangga tetep waluya
nepi ka umur pegat di dunya

Geulis...
jaga sing tarapti pangaji diri
sangkan Illahi masihan widi
laki rabi urang sing nepi ka aki nini

Geulis...
buah katresna urang
geus parawan jeung geus bujang
rawat ku sayahadat tur shalat
sangkan hirupna bisa mangfaat keur umat
KATRESNA AKANG
0leh:jumani

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,
moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati
satungtung anjeun satuhu
nyumponan kawajiban ka caroge
akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang
tong rempan sanajan urang paanggang
cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama
kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa
omat ulah nepi ka dirogahala
kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis
sing tarapti ngajaga diri
sangkan urang tetep waluya
dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

0 komentar:

Posting Komentar

 
;