NIKAH
Sarda : neng, aa teh bener bener cinta ka eneng..
Neng Rina : ah nu leres a?
sarda: leres ikh.. Ari neng cinta teu ka aa?
Neng Rina : nya cinta atuh a..
sarda: mun eneng cinta ka aa, urang nikah atuh yu!!
Neng Rina : ikh ari aa, apan urang na ge sakola keneh.?!
sarda : em… Kmh lamun urang nikah na poe minggu atuh.! Pan poe minggu mah libur.!!
Neng Rina : ???
CALANA KOLOR
Oded: neng kadieu heula sakeudeung
Neng: aya naon kang? (Nyampeurkeun)
Oded: ieu pang garokeun taeun akang (bari muka kolor)
Neng: (olohok) alaahhh siah..loba sireuman kieu kang, na kunaon ath taeun th bet di geubrong ku sireum (bari di garo)
Oded: heu’euh nyaeta ti saprak make kolor itu tuh (nunjuk kanu kolor)
Neng: alaahh..paingan ath, da kolor eta mah tadi di pake ngelap cai gula tadi bahe..
Oded: haduhh…kabiasa’an maneh mah ngelap sok kunaon wae, nyaho eta th kolor hiji-hijina (luwa lewe rek leweh)
KABIASAN
Neng: sa’acan neng nampi kana cinta aa,, neng hoyong terang heula kabiasa’an aa nu sae, naon wae??
Oded: upami nuju emut wae ka neng, aa langsung netepan weungi,,trus ngaos Qur’an, upami tos cinta ka hiji wanoja, tara nolih nu sanes, satia tos janten kabiasa’an, aa tara telat netepan 5 waktos, rajin, sopan, berehan, bageur,,,
Neng: cekap,,,cekap,,,muhun neng ngartos,,,neng bagja pisan gaduh calon kabogoh sapertos aa,,,tah ayeuna kabiasa’an aa nu awon na naon??
Oded: mung hiji neng…
Neng: muhun naon??
Oded: resep ngabohong…
Neng: ah, eta mah keneh-kehed atuh aa gedebul mah…(Neke si oded ku selop)
LOWONGAN KERJA
Adang :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.
jamad:”Saratna naon bae ?”
Adang :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
jamad :”Sabaraha hiji ?”
Adang :”Dua karung”.
jamad:”Jadol, hanas didengekeun
SAPATU KULIT ASLI
Kabayan :”Ari silaing bisa atawa hente ngabedakeun antara sapatu kulit asli jeung anu imitasi ?“
Ibro :”Teu, teu nyaho. Cing, cing tah kumaha ngabedakeunana ?”
Kabayan :”Babari pisan, si sapatu teh sina dicoco reungit. Lamun eta sapatu barentol, eta berarti sapatu kulit asli”.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar